Perkuliahan.com

Materi Kuliah, makalah pendidikan, beasiswa kuliah

Contoh Pidato Bahasa Sunda

Under arsip: Perkuliahan.com.
next post :  contoh  pembukaan pidato
data post: Perkuliahan.com. edition of : 209 / naskah pidato bahasa sunda

Berikut merupakan contoh pidato bahasa sunda dengan tema keislaman yang merupakan pidato untuk menambah iman dan taqwa. Dalam contoh pidato tentang kisah nabi dengan bahasa sunda ini merupakan naskah untuk pidato dalam keseharian untuk meniru dan mengambil contoh dari para nabi. Semoga contoh pidato bahasa sunda ini bermanfaat. amin

beberapa kali contoh pidato bahasa sunda ini di download untuk tujuan belajar dan untuk materi tugas sekolah. namun sekali lagi bahwa contoh pidato dalam bahasa sunda ini hanya contoh, sehingga agar lebih kontekstual  maka silahkan diedit. semoga contoh naskah pidato bahasa  sunda ini bisa bermanfaat.

Islam Kisah Nabi

 Hartosna : jeung caritakeun ( kisah ) ismail anu ka unggel dina kitab ( qur’an ) . saestuna manehnateh jalma anu bener jangjina, jeung manehnateh nya jadi rosul nya jadi nabi. Jeung manehna nitah ahlina supaya ngadegkeun shalat sarta nyumponan jakat jeung manehnateh anu di pikaridlo kupangerana.

Ayat ieu ngingetkeun urang sangkan hal nabi ismail perlu ku umat islam di perhatikeun lalakona, dihudang wayangkeun perjuangannana, sarta di tulad di teplak kateguhan imana. Ujian iman anu tumiba ka anjeuna, kudu jadi ujian pikeun urang sadayana.

Ti antara tanda tanda anu nuduhkeun kana kateguhan tauhid anjeunana, nyaeta kajujuranna, sepi tina gajlig kana jangji hambur catur tanpa dapur, wungkul ngawaos teuaya buktos. Upama akuan jeung omongan hiji jalma henteu bukti, hiji tanda yen dirina di murka, ai bendon ku Alloh. Malah nyaeta pisan anu jadi garis atawa kalang anu misahkeun antara muslim jeung munapek. Saperti anu di terangkeun dina qura’nsuratash-shaff 2-3

 

Hartosna : yeuh jalma jalma anu airman !nahageuning maraneh nyaritakeun anu kumaraneh henteu dilampahkeun ? gede pisan bebendona mungguhing Alloh lantaran maraneh nyarita anu kumaraneh henteu dipilampahkeunteh.

Ieu ayat kalawan eces pisan neksekeu kakaum anu jadi mu’min, tapi teu bukti  dina amal perbuatannana. Amalna teucocock jeung ucapannana teukabita ku rahmat anu di jangjikeun ku pangeran, kalah kagoda ku godaan setan anu ngajangjikeun kasenangan anu palsu. Leuwih percaya kana kayu kana batu mannan ka Alloh, leuwih percaya kana tanah jeung kn imah batan kana kani’matan sawarga.

Buktina teu ad-ad teu asa asa ngamodalan kayu jeung batu, ngmodalan tanah jeung imah, sabab yakin bakal nguntungkeun hasilna, tapi kacida beurat banggana ngamodalan jalan Alloh, ngamodalan ibadah, ngamodalan amal shaleh, padahal Alloh moal jalir tina jangjina, moal lepat subayana, yen amal shaleh bakal kaala karasa sarta kasampeur engke di aherat.

Nabi ismail ALS. Dina lebah ujian ieu kenging kaunggulan anu kinten punjulna. Nalika anjeuna jangji, yen bakal nurut kana parentah pangeran, anjeuna teu asa asa masrahkeun diri rek di damel korban ku ramana, kedah di peuncit, kedah ngaluarken getih, nebus kasanggupan diri, yen bakal tumut tunduk kana parentah. Anjeuna masrahkeun diri sabab yakin pati jeung hirup teh aya dina tangan kakawasaan gusti. Teurisi teu gimir da memang di atur ku anu kagungannana, serta di parentah ku anu kawasa. Diri sorangan teu dipikaboga, seja dipasrahkeun ari di pundut ku anu kagungannanamah. Sok sumawona domba atawa banda sejena, da etamah misah teungahuji jeung badan sorangan, dalah jiwa oge disanggakeun ka Alloh

Kukituna ka nabi ismail lulus ujian imana kiat sarta rajin amar ma’ruf nahimunkar kagereha kaputra jeungf kasadaya kulawargana kusabab ayana amar ma’ruf dijero rumahtangga, nuduhkeun kana kuatna kayakinan yen mikanyaah the kudu abadi nepika akherat, saperti rewel jeung cerewdna indung ka budak anu ulin saeuneu, atawa malangna kolot ka budak anukudu mentas jalan nalika pasuliwer mobil .

Conto dina kahirupan sapoopoe, kolot milu hariwang, lantaran nyaah jeung karunya kaanak, serta kahrti ku akal yen kacilakaanteh mungkin keuna ka nanak sorangan. Tapi lamun wungkul ngan cerewed rewel dina hal anu ngeunaan kadunyaan, sieun teubisa usaha, sieun sangsara, bari teusieun anak pamajikan abus naraka, sarta teungarasa cape ngusahakeun tihul tihul naraka, eta jadi tandana yen iman ka akherat teh ngulit bawang.

Dina ayat anu tadi di terangkeun yen pokok anu pentingna anu di tabligkeunteh salat jjeung jakat, sabab shalat jadi latihani pikeun kasuburan jeung k ma’muran batin, ari zkat jadi kasuburan, kamamuran jeung kaberesihan lahir, sabab ngan dikalangan anu murah jeng balabah ku harta anu beresih wujudna kaamanan.                           Lalakon ujian iman anu di tibankeun ka nabi ismail, nepika kiwari perlu dihudang wayangkeun, sangkan jadi tuladan kumaha kuduna ari iman.

Pikeun pangeling-ngeling kana ieu ujian, agama islam marentahkeun sangkan umat islam ngaluarkeun qurban. Lain kugetihna sorangan, lain ku anakna anu dibela jeung dipikanyaah, anu dijaring tina sagala mamala jeung cilaka, tapi korban ku hartana, nyaeta ku domba atawa sapi-munding.

Domba teh 100% teu kacampuran leungeun manusa, tegesna lain buatan pabrik, da manusa teu mantuan ngadagingan atawa mantuan nyieun tulangna, atawa mantuan ngajadikeun parabna, tapi ngan sakadar ngaku. Kuharta anu kitu umat islam kudu kurban, sarta lamun ngaras lebar padahal bisa atawa kuat, etamah tinggal ngabanding jeung nimbang-nimbang kumaha ipisna iman, da geuning kacida jauhna jeung ujian iman K. Nabi Ismail.

Anjeuna luas ikhlas najan awakna sorangan anu kudu jadi korban, sedengkeun ayeuna sakitu dibere kalonggaran, nyaeta ngorbankeun awak batur (tegesna sato ingonan) anu jadi akuan urang masih keneh hararese.

Naon nu ku urang dikurbankeun, jadi hiji tanda yen enyaan nya’ahna ka anak pamajikan, sabab kurban mah ngawengku rumah tangga, anak bojo urang, da ari salatmh sosoranganan.

Islam marentahkeun sangkan hubungan kanya’ah ka kulawarga ka pamajikan kudu terus dipelihara. Dina hadis Abu Dawud diterangkeun: ,,upama hiji lalaki hudang tengah peuting, terus ngahudangkeun bojona, sarta terus salat dua rakaat (komo lamun tahajjud), eta dua jalma teh kaasup kana golongan anu areling ka Alloh.

Sakitu anu aya patalina sareng ujian iman Kangjeng Nabi Ismail nu kudu jadi tuladan urang sadayana, nyaeta kurban jeung melihara rumah tangga.

 

Under arsip: Perkuliahan.com.
next post :  contoh  pembukaan pidato
data post: Perkuliahan.com. edition of : 209 / naskah pidato bahasa sunda